News

Rilisan

WordPress 2.7 Beta 2

Rilisan

  • WordPress 2.7 Beta 2

    WordPress 2.7 Beta 2 sadia. Mangga undeur pérsi lokal Sunda. Mun anjeun geus mibanda instalan beta 1, anjeun bisa ngaronjatkeun sacara otomatis ngaliwatan pidangan Pakakas -> Kiwarikeun. Pon kitu, lantaran ayana bug dina ronjatan otomatis Beta 1 anu teu pamohalan bisa ngalantarankeun kagagalan dina éta ronjatan otomatis, aya hadéna anjeun ngundeur sarta nginstalkeuna sacara manual.…

    Read Post

  • WordPress 2.7 Beta 1

    Pérsi teu ajeg (beta) munggaran WordPress 2.7 geus dirilis tanggal 1 Nopémber ieu. Pon kitu, keur saheulaanan kuring mah teu waka medalkeun. Mun anjeun boga maksud milu aub ngetés ieu pérsi, babarengan jeung ratusan urang liana nu geus leuwih ti heula, anjeun bisa ngundeur langsung ti situs WordPress.org. Sakumaha nu diuarkeun di blog WordPress.org, pérsi…

    Read Post

  • WordPress 2.6.3

    Ayana hiji kahéhéngkeran di pustaka Snoopy geus diuarkeun poé ieu. WordPress ngagunakeun Snoopy pikeun ngocorkeun pancingan nu dipintonkeun dina Dasbod. Sok sanajan risiko ieu kahéngkéran teu pati sabaraha pikeun pamaké WordPress, tapi kuring ngarasa perlu pikeun gura-giru nyieun kiwarian. Pérsi 2.6.3 kiwari geus bisa diundeur. Mun anjeun teu mibanda niat ngundeur kabéh rilisana pikeun kaamanan,…

    Read Post