News

Rilisan

WordPress 3.0 Thelonious

Rilisan

  • WordPress 3.0 Thelonious

    Najan leuir naker, WordPress versi 3.0 basa Sunda bisa dirilis (core-na dirilis Juni 2010). Kiwari, anjeun bisa otomatis ngaronjatkeun kana ieu versi ngaliwatan pidangan Pakakas => Ronjatkeun, atawa klik link tuduh jalan dina papan uar kasadiaan anu aya di luhur layar. Anjeun oge bisa ngunduh gembolanana pikeun dipasang manual, utamana pikeun anu masang mimiti atawa…

    Read Post

  • WordPress 2.8.6

    Vérsi 2.8.6 ménerkeun dua pasualan kaamanan anu bisa diéksploitasi ku pamaké kadaftar anu keur asup log tur inyana mibanda wewenang pikeun ngirim tulisan. Lamun anjeun ngarasa cangcaya kana kajujuran panulis-panulis blog anjeun, ngaronjatkeun kana vérsi 2.8.6 kacida diperedihna.

    Read Post

  • WordPress 2.8.5, Nyampurnakeun Kaamanan

    Pada maphum, bulan-bulan katompérnakeun ieu, kuring saparakanca keur soson-soson migawé rarangkén-rarangkén anyar pikeun vérsi 2.9, sarta satékah polah keur nyieun tarékah sangkan WordPress salawasna mibanda kaamanan anu leuwih tohaga. Dina ieu proses, aya sawatara parobahan kaamanan penting anu geus kapigawé tur nurutkeun kuring saréréa kacida hadéna saupama dicumponkeun kana dahan vérsi 2.8. Kiwarian penting dina…

    Read Post

  • WordPress 2.8.2

    WordPress 2.8.2 ngalereskeun vulnerabilitas XSS (babari kakeunaan panyakit -naon ongkoh basa Sundana?). URL juru kintun pairan henteu leres-leres walagri nalika dipintonkeun dina kaca admin. Ieu hal tiasa nerekab, éh, maksad téh népaan, geusan nungtun Sadérék ngajak kaluar tina kaca admin kana situs sanés. Sumangga unjal vérsi 2.8.2 atanapi ronjatkeun otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas dina kaca…

    Read Post

  • WordPress 2.8.1

    WordPress 2.8.1 ngabebenah loba hama sarta mageuhan tulak kaamanan pikeun kaca admin plugin. Talatah ti Core Serurity Technologies yén kaca admin anu ditambahkeun ku sawatara plugin téh bisa ditoong ku pamaké deungeun anu ngalantarankeun informasina bisa dirogahala. Mémang henteu sakumna plugin kakeunaan ku ieu panyakit. Pon kitu, pikeun kapentingan kaamanan, kuring saparakanca nyarankeun sangkan anjeun…

    Read Post

  • WordPress 2.8

    “WordPress 2.8 parantos sayogi! Sumangga kiwarikeun ayeuna.” Upami Sadérék nangenan éta pesen singget di luhur kaca admin WordPress Sadérék, sok padahal Sadérék parantos ngaronjatkeun kalayan otomatis tina vérsi sateuacanna, hartosna Sadérék ngaronjatkeunnana sasarengan reujeung waktosna rilisan awal ieu vérsi. Éta pesen baris ilang saupami Sadérék ngaronjatkeun ulang sacara otomatis nganggo beundeulan rilisan anu ayeuna. Ieu…

    Read Post

  • WordPress 2.7.1

    WordPress 2.7.1, minangka rilisan pamulasaraan munggaran WordPress versi 2.7, parantos sayogi. Anjeun tiasa ngiwarikeun instalan WordPress anjeun sacara otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas > Ronjatkeun dina kaca admin, atanapi unjal langsung epakanana lajeng instalkeun sacara manual. Kanggo ningal naon waé anu parantos dilereskeun dina ieu vérsi, tiasa diparios dina daptaran list of fixed tickets, seueurna aya…

    Read Post

  • WordPress 2.7 “Coltrane”

    Pamustunganana, WordPress Vérsi 2.7 nu dianti-anti ti kamari didago-dago ti bareto tur geus jadi bahan paguneman balaréa, kocap jadi sabiwir hiji méh di unggal lelewek jeung wewengkon tempat-tempat jarah di dunya loka, nu nembrak atawa nu nyumput, kiwari geus bisa anjeun unjal. Gémbolan basa Inggrisna dirilis leuwih ti heula tur ti dieu tempat anjeun ngunjal…

    Read Post

  • Bakal Rilisan Munggaran WordPress 2.7

    Bakal rilisan WordPress 2.7 maké basa Sunda bisa anjeun undeur. Mun anjeun kungsi ngagunakeun pérsi Beta, anjeun bisa ngaronjatkeun sacara otomatis tina pidangan pakakas dina kaca admin anjeun. Pon kitu, lantaran tacan dibéré kamampuh kana pérsi lokal, ronjatan otomatis baris ngagunakeun basa Inggris. Téma bakuna ogé bisa kalindih ku nu anyar, nu maké basa Inggris.…

    Read Post

  • WordPress 2.7 Beta 3

    Aya maksud ngetés WordPress 2.7 Beta 3 pérsi lokal Sunda? Mangga undeur ayeuna. Sakumaha biasa, mun anjeun geus mibanda pérsi 2.7 beta saméméhna, anjeun bisa langsung ngaronjatkeun kana ieu pérsi tina pidangan Pakakas -> Kiwarikeun, laju tuturkeun paréntah Ki WordPress satuluyna. Sakalian ngalalanyahan WordPress 2.7 pérsi ajegna, anjeun bisa milu mariksa tarjamahan ieu pérsi. Mun…

    Read Post