News

Pamekaran

Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé

Pamekaran

  • Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé

    Mdawafe, tanggal 19 Pebruari ieu, geus nguarkeun di blog WordPress.org ngeunaan pamaluruhan Diréktori Plugin nu anyar jeung ngaronjat. Salahsahiji pasualan tumali jeung pamaluruhan diréktori plugin nyaéta ngeunaan hasil pamaluruhanna nu kurang nyugemakeun atawa, ceuk basa nu nulis blog mah, pikagetireun jeung pikasebeleun. Tapi, kiwari mah ieu hal téh henteu tumiba deui.

    Read Post

  • Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda

    Bulan Juni 2005, Informasi ngeunaan aksara Sunda baku diuarkeun di milis KUSnét (Komunitas Urang Sunda di Internét). Kang Dian Tresna Nugraha ngawanohkeun fonta aksara Sunda maké sét karakter ISO-8859-1 Latin-1. Bulan Juli 2005, fonta aksara Sunda dipidangkeun dina Konférénsi Basa Sunda VIII di Subang, Jawa Barat, ku M. Sasmita. Bulan Januari 2006, Kang Dian ngayakeun…

    Read Post

  • Basa Sunda di WordPress.com

    Sanggeus WordPress.org Sunda midang ti mimiti sawatara bulan ka tukang, kiwari disusul ku dikiwarikeuna basa Sunda di WordPress.com. Najan kaitung leuir kacida, hal ieu jadi kareueus pikeun urang Sunda nu resep ngeblog di WordPress.com. Basa Sunda kaasup basa Daerah nu hirup di Indonesia nu pangmunggaran sadia di WordPress sanggeus aya nu kungsi ngalokalkeun WordPress.org kana…

    Read Post